Dony Mulyana Kurnia alias DMK adalah terah dari keturunan terakhir Raja Pajajaran, Sri Baduga Prabu Siliwangi, dari putera mahkotanya Raden Kian Santang alias Sunan Rahmat r.a. Seperti apa kisahnya. Ini dia penuturan dari tulisan Wijayanti, orang yang mendalami sepak terjang DMK. Wijayanti mengangkat tema tulisannya:
PAGURON PUTRA KENCANA MUDA (PKM) MENDUKUNG PENUH DMK, SELAKU GURU BESAR OLAHRAGA PERNAFASAN DAN BELADIRI TENAGA DALAM UNTUK MAJU PILBUP KABUPATEN BANDUNG 2020
Ir. Dony Mulyana Kurnia (DMK) Calon Bupati/Wakil Bupati Bandung
2020 dari Partai Demokrat, tampak hadir di tempat duduk VIP bersama Hendra
Bundu, selaku Ketua Umum Paguron PKM pada pembukaan FESTIVAL PENCAK SILAT PKM
CUP IV SE JAWA DAN BALI MEMPEREBUTKAN PIALA BERGILIR GUBERNUR JABAR TAHUN 2019
BERTEMPAT DI HALL PASAR MODERN BATUNUNGGAL KOMPLEKS BATUNUNGGAL 09 NOVEMBER
2019.
Dalam acara ini, di buka oleh Ketua Ikatan Pencak Silat Indonesia
(IPSI) JABAR, Phinera Wijaya S.E. Dari acara ini, menunjukkan betapa DMK di
dukung paguron-paguron untuk menjadi Bupati/Wakil Bupati Kabupaten Bandung 2020.
Wajar sekali kalau DMK didukung oleh paguron-paguron Pencak Silat,
karena DMK adalah Guru Besar Olahraga Pernafasan (ORPAS) dan Beladiri Tenaga
Dalam (BTD) BIMA, yang sangat dibutuhkan keilmuannya untuk menambah kuat dan
menyempurnakan keilmuan dari setiap paguron Pencak Silat.
Selain DMK selaku Guru Besar ORPAS BTD BIMA, terlihat jelas sosok
DMK adalah Arsitek yang sangat mencintai dunia persilatan, cita-cita DMK
arsitek lulusan ITB seangkatan Ridwan Kamil ini, jika dirinya terpilih
Bupati/Wakil Bupati Bandung, bercita-cita ingin membangun PADEPOKAN NASIONAL
PENCAK SILAT INDONESIA dan TAMANSARI PADJADJARAN di Kabupaten Bandung.
Kelak Padepokan dan Taman ini akan menjadi yang terbaik dan
terbesar di dunia, rencanya akan dibuat jauh lebih baik dari Padepokan Pencak
Silat yang ada di Taman Mini Indonesia Indah, dan Tamannya akan menjadi Taman
terindah di dunia, kita tunjukkan bangsa Indonesia sebagai bangsa nomor satu di
dunia, sebagai pembanding lihat Borobudur keajaiban nomor satu di dunia,
teknologi pada zamannya, tidak bisa dibuat oleh belahan dunia manapun, demikian
pungkas DMK kepada penulis.
Seiring dengan cita-citanya luhurnya ini untuk meningkatkan harkat
martabat Bangsa khususnya di Kabupaten Bandung, perlu di ketahui judul Tugas
Akhir (skripsi) DMK, sehingga lulus sarjana Teknik Arsitektur ITB pun, tidak
lepas dari cita-citanya ini, judul tugas akhirnya DMK adalah : PADEPOKAN
NASIONAL PENCAK SILAT INDONESIA.
Dalam kesempatan Festifal PKM ini, DMK memberikan tulisan SILOKA
BUHUN (SILIB) KIAN SANTANG kepada Hendra Bundu Ketua Umum PKM, sebagai bentuk
saling mendukung dari sesama pendekar di dunia Persilatan, dan memang DMK bisa
di sebut Guru Besarnya semua paguron Pencak Silat, karena DMK adalah keturunan
langsung dari Kian Santang, atau Sunan Rahmat r.a, atau Gagak Lumayung nama di
dunia persilatan, adapun tulisan yang diberikan DMK kepada Hendra Bundu adalah
sebagai berikut :
SILOKA BUHUN (SILIB) KIAN SANTANG
IQRA ! BISMIRABBIKALLADZI KHOLAQ (Bacalah ! dengan Nama Tuhan Yang
Maha Pencipta)
KHOLAQAL INSAANA MIN ALAQ ! (Yang Menciptakan Manusia dari Segumpal
Darah !)
IQRA ! WARABBUKAL AQRAM (Bacalah ! Dengan Nama Tuhan Yang Maha
Mulia) :
ALLAHU AKBAR, ALLAHU AKBAR, ALLAHU AKBAR
Bacaan ini untuk murid2 saya, kemudian boleh juga dipelajari oleh
para pendekar dan paguron se-Nusantara, untuk menambah kuat dan menyempurnakan
ilmu masing-masing yang sedang dipelajari, Siloka Buhun berbahasa Sunda, bagi
yang tidak bisa bahasa Sunda, bisa bertanya kepada teman atau saudara suku
Sunda :
KI SUNDA, DONY MULYANA KURNIA (DMK) ATAWA RADEN SAMBAWARNA, NGARAN
TEUREUH ASLI PADJADJARAN (TAPA), NYAWALAKEUN ELMU KARUHUN MANGRUPI SILOKA BUHUN
(SILIB) KIAN SANTANG
SAMPURASUN
Bismillahirrahmanirrahiim
Lain agul ku payung butut, Alhamdullillah Karuhun Sim Kuring, Raja
Padjadjaran panungtungan, keresana Eyang Prabu Cakrabuana anu katelah putra
mahkuta Pangeran Kian Santang, putra Eyang Prabu Sribaduga Siliwangi, sa-atos
anjeuna lebet Islam janten mu-alaf, salajengna ummat Islam anu diluluguan ku
Walisongo, masihan nami Islam anu sae pisan ka anjeuna, nami Islamna kasebat
Kanjeng Eyang Panembahan Godog Suci Garut, Sunan Rahmat r.a.
Kanjeng Eyang Prabu Kian Santang (Sunan Rahmat r.a.), masihan
peupeujeuh elmu ka katurunan sareng murid-muridna, anu dugi ka waktos ayeuna dicekel
deleg ku sim kuring, ieu elmu turun ruruntuyan ti luhur naretes ka handap, nepi
ka sim kuring, kukituna inyana murid-murid sim kuring kudu apal, sa-acan
latihan jurus, aya Siloka Buhunna ti keresana Eyang Prabu Kian Santang, salian
ti murid-murid sim kuring, para pendekar jeung paguron oge tiasa nalungtik
siloka buhun ieu, keur nambah kuat jeung nyampurnakeun elmu-elmuna, mudah-mudahan
Barokah, mangga di galih:
SILOKA BUHUN (SILIB) KIAN SANTANG BAB-BABAN KANURAGAN
SAMPURASUN
Bismillahirrahmanirrahim
Sangges Kula jadi Raja, euweuh UGA, kulantaran UGA geus ngabuah
sampurna jadi ISLAM, anapon ucap Kula ngan saukur SILOKA, nalika cunduk waktu
ninggang mangsa, Kula tilar ti alam dunya, maot ngarana, SILOKA ucap Kula,
bakal katelah SILIB atawa panjangna SILOKA BUHUN.
SILIB Kula ngan dua bab-baban, Bab-baban Kanuragan rejeng Bab-baban
Kakawasaan.
Ieu SILOKA bab-baban Kanuragan, coba regepkeun kanu pikiran jeung
ati sanubari arandika.
Sing inget Katurunan jeung murid kula sakabeh, Jalan hirup para
Rosul, para Nabi jeung para Wali
Euweuh nu bisa maca kitab (ayat Kauliyah) sa-acan bisa maca alam
(ayat Kauniyah)
Eweuh buah sa-acan aya amal
Euweuh Amal sa-acan aya Ka-ikhlasan
Euweuh Ka-ikhlasan sa-acan aya elmu
Euweuh Elmu sa-acan Kuat pangacian
Inyana, kuat pangacian anu narik maheutkeun elmu, sing inget manusa
asalna lemah hinadina ngan tina leuleueur Acimani sakeclak.
Kakuatan manusa ngan boga pangacian, narik ngelem ngaraketkeun elmu.
Kusabab kitu sing inget modal hirup anu utama, entong nepi kabur pangacian,
tapi kudu bisa ngumpulkeun pangacian, jeung nguatkeun pangacian.
Euweuh kuat pangacian sa-acan apal hawa murni waktu janari subuh. Inyana
kuat pangacian, hate tenang jeung kuat sumanget hirup, bakal ngudag kadigjayaan
hirup jeung huripna
Modal elmu pangacian, keur ngudag elmu-elmu luhung, coba regepkeun
lamun hayang hirup jeung huripna.
Euweuh Saepi Angin (lari cepat) sa-acan kuat Ngagidig (jalan cepat)
jeung Nyigcrig (jogging) ti pasir ka pasir elmu Nabi Sulaeman a.s
Euweuh Napak Sancang, sa-acan kuat ngojay jeung teuleumna ti pulo
ka pulo elmu Nabi Hidir a.s
Euweuh Semu Gunting, sa-acan apal hawa seuneu dinu jero dada, elmu
Nabi Musa a.s
Euweuh Halimunan, sa-acan bisa nyumput buni dinu ca'ang elmu Nabi
Isa a.s
Euweuh Batara Karang, sa-acan bisa kokoh panceg dina pamadegan,
elmu Nabi Yusuf a.s rejeng Nabi Daud a.s
Euweuh Napak Mega, sa-acan apal hakekat Jasmani jeung Ruhani, elmu
Nabi Adam a.s.
Euweuh Saciduh Metu Saucap Nyata, sa-acan Sabar Sampurna, elmu Nabi
Yaqub a.s jeung Nabi Ayub a.s
Euweuh Kasolehan sa-acan bisa mere maweh ka sasama sok komo keur
loba pakaya. elmu ikhlash sholeh-na Nabi Ismail a.s., anjeuna salian ti mere
maweh pakaya harta ka sasama tepikeun ka ikhlash mere mikeun beuheung
teukteukeun ka Ramana, Nabi Ibrahim a.s.
Euweuh umur panjang, sa-acan awak leuleus (lentur) kawas oray
Euweuh awak leleus kawas oray sa-acan bisa tapa (latihan) Mahdi
kawas Nabi Nuh a.s
atawa katelah Mritya dinu Weda.
Euweuh tapa (latihan) Mahdi sa-acan wani peurih, keur jadi peurah
dinu salawe (25) nepi ka sawastu (100) jurus
Euweuh Salawe nepi Ka sawastu jurus Mahdi sa-acan Solat Khusu anu
jadi Pedang Rosul
Euweuh Solat Khusu anu jadi Pedang Rosul, sa-acan apal Sarangkana nempat matuh dinu Sholat
Witir waktu Tahajjud
Euweuh Solat Khusu (Pedang Rosul) sa-acan shalat munfarid (nyalira)
tu'maninah.
Euweuh Sholat Jama'ah duapuluh tujuh darajat, sa-acan apal Sholat
Munfarid Tu'maninah,
watekna Sholat Jama'ah, keur Pangajak Sholat, Pangajaran Sholat,
Pangamalan Sholat jeung Pangiket Silaturahmi, ari watekna sholat munfarid keur
ka-khusuan, nu matak Nabi saw., Sholat Taraweh Tahajudna munfarid, sabelas
raka-at khusus bil khusus keur ka-khusuan.
Euweuh peurih keur jadi peurah, sa-acan puasa senen kemis, terus ka
puasa Daud, terus ka puasa nga-wali naktu mana salwa-na nabi Musa, mutih,
mucuk, ngabeuti, ngalong, ngamacan, terus ka elmu mati geni sora Nabi Zakaria
tilu dinten, tilu wengi, terus ka puasa opat puluh poe Nabi Ibrahim, Nabi Musa
di gunung Tursina jeung Nabi Muhammad saw. di gua Hiro, akhirna paling luhung
puasa genep taun Nabi Zulkipli atawa Katelah Budha dinu Tripitaka.
Euweuh Kani'matan hirup sa-acan awak digjaya sehat jagjag waringkas
Euweuh Kadigjayaan, sa-acan olah (latihan) kanuragan
Euweuh kanuragan sa-acan kuat salaksa (1000) jurus Kembang
(gwa-kang) jeung Eusina (sin-kang/ORPAS BTD)
Euweuh kuat eusi sa-acan apal Nafas Kuda, Nafas Ajag, Salapan jurus
Nafas Kahanan, jeung Nafas Payung Suci.
Euweuh tanaga dalem sa-acan apal ngolah eusi ku jurus-jurus, apal
jurus Pedang Rosul, Apal Jurus Mahdi
jadi Manik Dharma Langitan (Mandala), apal sapuluh Jurus Payung Nabi, apal
sapuluh Jurus Badar Petir jadi Guntur Dharma Langitan (Gundala), jeung apal
jurus Syah Bandar saestuna jurus-jurus campuran tina sakabeh jurus nu aya.
Euweuh Mandala jeung Gundala, sa-acan apal elmu Sapatemon Kama
Sutra Nabi Daud a.s, ahengna Nabi Daud a.s, Raja Adil anu boga bojo jumlahna
sawastu, sabalikna ti kitu kuatna bakal leuwih kuat ti elmu Sapatemon Nabi Daud
a.s, moal aya dua kuatna di kolong dunya, lian ti elmu Nabi Isa a.s., Teu
Sapatemon, Teu Ngalamun jeung Teu gaduh Bojo. Nabi Isa a.s ngan wungkul kawin
bidadari dinu ngimpi kulem suci. Kakuatan elmu Nabi Isa a s, nepi ka dikabul ku
Allah Swt., do'a muzizatna, anu lolong bisa jadi beunta, anu maot bisa hirup
deui. Gulangkepna elmu sapatemon di pungkas ku elmu Nabi Yusuf a.s, anu nolak
ajakan zinah, Siti Zulaeha, isteri anu geulis seungit kacida. Keur ummat Islam
sakabeh, elmu sapatemon disampurnakeun ku elmuna kanjeng Nabi Muhammad saw.,
anu di amalkeun ku Sayidina Ali r.a murid kakasihna Nabi saw, tangtuna leuwih
kuat ti Abu Bakar r.a, Umar r.a jeung Usman r.a. Sayidina Ali r.a
Al-Karamallahu Wajhah ( Wajah anu aya Sinar Allah ), bisa naekan elmu dinu
sapatemon nepi ka kuat teu nempo laranganana, sok komo nempo larangan istrina.
ALLAHU AKBAR
Euweuh pangabisa sa-acan boga Guru
Guru Kula, Sirah Citarum Kuat teuleum teu ambekan
Unggal poe Kula latihan
Tepi ka jibrug ngoprot ngesang
Latihan Kula, di Rancabuaya, bisa mebekkeun sungut buaya, hiji
totonde yen diri Kula moal eleh kunu rea carita.
Guru Islam kula para wali, satimbangan tikitu para wali, guguru
silat ka diri kula
Tah ieu anu di sebut silat sampurna, inyana kudu apal Kujang Campuh
Gagak Lumayung
Ari Kujang teh, hartina Kudu jang ngariksa diri
Euweuh Syahadat jeung Sholat sa-acan aya Islam Ajaran ti Kanjeng
Nabi Muhammad saw.
Islam nu nanjeurkeun Tauhid, mupus Pamusyrikan jeung Pamunafekan, oge
Islam anu nyampurnakeun elmu-elmu suci nu geus aya jeung nu bakal aya di alam
dunya
Euweuh rupa silat sa-acan apal solat.
Silat jeung Solatna bakal jadi seukeut kawas Silet
Solat anu utama tujuh waktu, wajibna lima, kuatna dua, Dhuha jeung
Tahajjud
Euweuh elmu Solat sa-acan elmu Syahadat
euweuh elmu Syahadat, sa-acan apal purwadaksi anu di agem ku
Kanjeng Nabi, Rasullullah Muhammad saw, inti sarina, kasadaran diri ku ayana
nafas rejeng nu nyieun nafas, saha deui ? salian nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya,
Allah Swt.
Eta saestuna elmu Kasampurnaan hirup jeung huripna, elmu Maut Qabla
maut, konci syurga firdaus ngarana.
Laa ilaha illallah, Subhanallah, Alhamdullillah, Allahu Akbar, Laa
Hawla wala Quwwata illa bilahil aliyil adzim
Poma kudu diregepkeun ku Katurunan jeung murid Kula sakabeh, keur
kakuatan Silat Kujang Campuh Gagak Lumayung
Sakali deui sing inget, Ari Kujang teh hartina Kudu Jang Ngariksa
diri
Euweuh cara ngariksa diri sa-acan make Kitab Al-Qur'an, sahingga
diri bisa campuh kuat taya bandingna, boga Cakar Gagak Lumayung, oge boga Cakar
Maung Lodaya, dua sato kanya'ah Kian Santang jeung Rama Prabu Siliwangi
Eta sanjata Padjadjaran anu ku Kula di Cekel deleg, kuat euweuh
bandingna di sawatara jagat Nusantara, pon kitu deui sakabeh katurunan jeung
murid kula, tong poho kanu purwadaksi arandika sorangan, jadikeun modal
kakuatan keur ngaronjatkeun ajen harga diri keluarga, nagara jeung agama, ieu silokana
:
Cahaya Kula Raden Wijaya
Sirah kula Lingga Buana
Beuheung Kula Wastu Kancana
Getih Kula Siliwangi
Sumsum Kula Kian Santang
Kumis Kula Maung Lodaya
Kaulinan Kula Bedog Ciomas Sadeupa, anu neukteuk beuheung Raja
Iblis Blambangan
Sanjata Kula Kujang Campuh Gagak Lumayung, Al-Qur'an ngarana, anu
jero kacida ngancik Weda, Tripitaka, Dzabur, Taurat, injil jeung sakabeh kitab
suci anu aya di ieu dunya.
Ku jalan Al-Qur'an, sahingga Kula apal sampurna, hakekat
fatamorgana hirup manusa.
Koncina, apal dzat jeung gerakna dzat
Dzatna raga manusa anak incu Adam a.s., taneuh,
Dzatna Roh Suci, Cahaya anu nya'angan Jiwa,
Dzatna jiwa aya tilu unsur nyampur jadi wujud, nyaeta Seuneu dzatna
Nafsu, atuh kudu apal Cai dzatna Rasa, jeung sambrani bumi dzatna pikiran.
Tinu apal dzat bakal naek jadi apal gerak dzat
Apal gerak Jiwa, Apal gerak Raga, Apal Gerak Nafsu, Apal Gerak
Pikir, Apal Gerak Parasaan, jeung apal Roh Suci anu Ngagerakkeun Jiwa Raga
Gerak Nafsu hakekatna Hayang Untung Embung Rugi, Hayang Puji Embung
Hina, Hayang Meunang Embung Eleh, Hayang Senang Embung Susah
Gerak Pikir Hakekatna, Bener jeung Salah, Hade jeung Goreng, Gede
jeung Leutik, Lila jeung sakeudeung
Gerak parasaan hakekatna, ngeunah jeung teu ngeunah anu abus tinu
sakabeh indera, panempo, panguping, letah rasa, kulit rasa jeung pangambeu.
Apal rasa hate jero kacida, anu kasebut Cinta jeung Ijid Ngewa
(benci) ngarana
Apal Roh Suci, anu ngagerakkeun eusi jiwa, nafsu, pikir, jeung rasa
Apal Roh Suci nu di Ciptakeun, ku saha deui salian kunu Maha Suci
Allah Swt. Anu Laysa Kamitshlihi Syai'un, anu Ahad, anu Gho'ib bil Gho'ib, anu
Lam yalid walam yulad, jeung anu Walam yakulahu kufuwan ahad
Nu Murbeng Alam, Sang Maha Mulya, Allah Swt., anu wajib unggal usik
di sembah sujudan ku sakabeh manusa
Apal Roh Suci, sahingga moal katipu ku Fatamorgana Kahirupan Dunya,
ayatna Wal hayatu dunya illa mata'ul gurur.
Fatamorgana kahirupan timbul tinu Rasa, Pikir jeung Nafsu
kamanusa-an.
ALLAHU AKBAR
JALANA gerak roh Suci manusa, kudu panceg tong kabengbat, tong
kaluar tinu ihdinashiratal mustaqim, salapan tangga Syorga :
Ka-hiji, Apal kasadaran nafas jeung nu Nyipta nafas,
jadi apal nempo diri,
Ka-dua, apal nempo diri jadi apal khusu (konsentrasi),
Ka-tilu apal khusu jadi apal jiwa,
Ka-opat apal jiwa jadi apal eles jiwa,
Ka-lima apal eles jiwa jadi apal ucap bijak,
Ka-genep apal ucap bijak, jadi apal laku bijak,
Ka-tujuh apal laku bijak jadi apal polah laku bijak,
Ka-dalapan apal polah laku bijak jadi apal muhasabah (introspeksi)
Ka-salapan apal muhasabah jadi apal kasampurnaan hirup jeung
huripna.
Tah eta salapan tangga jalan syorga, kudu bisa kahontal sampurna
hirup jeung huripna, nepi ka jadi insan kamil ngarana, anu ngajadi khalifah fil
ard, jeung rahmatan lil alamin.
Euweuh Jelema nepi ka Syorga sa-acan katempo tatapak sucina
Tatapak suci sampurna hirup jeung huripna manusa, pasti apal tilu
unsur bijaksana, inyana meberkeun BEBENERAN, KAHADEAN jeung KAINDAHAN
Pedaran Siloka Buhun ieu Inyana digjaya luhung Jawara Padjadjaran.
Lain keur kasombongan anu euweuh guna
Lain keur senopati anu teu boga ponggawa
Lain keur wiku anu teu boga catrik
Lain keur ajengan anu teu boga santri
Tapi kula digjaya keur balarea, ngabela kulawarga, bangsa, nagara
jeung agama
Sing Inget, sapu nyere sahiji, ngan bisa dicepretkeun, tapi sapu
nyere saiket, bisa digebugkeun
Guru rejeng muridna, Ajengan rejeng santrina, kacai jadi saleuwi,
kalebak jadi sadarat, kokoh kuat sabeungkeut saiketan, jadi pasukan perang anu
kokoh rongkah digjaya di ieu dunya
Tah eta inyana pasukan perang Kula anu Kuat taya bandingna
Moal gedag ka-anginan, Moal mundur satapak, bakal maju lima deupa
Keur Nanjeurna luhung Padjadjaran anu dipikacinta,
karajaan tatar priangan, lembur agung sakabeh urang Sunda.
Kula rejeng pasukan Kula, bisa negakkeun bebeneran rejeng ka-adilan
di ieu dunya, kusabab teu kabita ku dunya, teu ka goda ku Iblis anu nyiliwuri,
ku syeitan anu newo-newo, anu bisa abus kana ati, anu bisa sumarabah kana
bayah, Kula jeung pasukan teu weleh inget, teu weleh ati-ati dinu satiap
lengkah barisan, dinu satiap lengkah perang, tara poho, clik putih clak herang
timbul tinu hate sanubari anu suci, di taudzan rejeung dibismilahan, eta konci
kakuatan, lain saukur caringcing pageuh kancing, caringcet pageuh iket, baroga
kakuatan awak rejeng pakarang, bedog ciomas, tameng waja jeung baju wesi, oge
taktik perang.
Tapi sakali deui satiap lengkah ditaudzan jeung dibismilahan. Eta
Inyana konci Kaunggulan anu nyata Kula jeung pasukan Kula.
CUKUP sakitu anu bisa ditepikeun ku Kula ka arandika sakabeh
katurunan jeung murid kula, mangkahade kudu dicekel deleg wasiat kujang campuh
gagak lumayung ageman elmu Kanuragan Kula,
entong nepi ka salah lengkah bisi arandika jadi suluh Naraka.
Cunduk waktu ninggang mangsa ditutup ku Salam Rahayu Kanya'ah Kula.
Alhamdullillahirrabbil Aalamiin.
Pun Sapun. Cag. Rampes
KIAN SANTANG
No comments
Post a Comment